Mun Lain Urang, Saha Deui?


Baren, galah, ucing sumput, jeung masih loba keneh kaulinan barudak baheula zaman urang baheula. Isuk-isuk keneh mun rek indit ka sakola teh nyampeur heula babaturan ka hareupeun imah. Da meh aya batur bareng ka sakola geningan. Terus, pas balik sakola balik ka imah masing-masing, da kaluar imah teh, hayang ulin kalahkah dicaram ku kolot “naon, rek ulin? Sakola agama siah!!” kolot ngomong bari molotot. Nya kumaha deui kapaksa sakola nya dina hate mah hayang pisan ulin. Caritana, indit weh ka madrasah. Sanggeus baralik sore jam tiluan, barudak geus rencanaan ngarumpul di lapangan masigit rek maen kaleci tea, galah, ucing sumput jeung nu lainna. Caritana can balik keneh geus burit, kolotna pada nareangan. Indung urang sorangan ge bari nu mawa sapu nyere nitah geura balik jeung geura mandi. “Yadi!! Geura balik! Mandii… belaan nepi kekesangan kitu nista teuing budak teh!” si mamah ngomong, terus dijawab ku urang “kela atuh mah sakedap!!” si mamah jawab deui bari ngangkat sapu nyere “giru siah… hayang digebug!” urang balik bari ngajawab “enya atuh eh… pira oge sakeudeung deui!”.



Tah meureunan eta salah sahiji diantarana kabiasaan baheula nu ku urang dialaman sorangan. Dina mimiti maen keukeusikan nepi ka kolotor nepi ka nonton cicing di imah babaturan nonton kartun jeung power ranger tiap poe minggu mun libur sakola. Tapi, masalahna ayeuna kamana nya sawareh kaulinan urang baheula? Euweuh bahkan anak-anak di kampong urang sorangan ayeuna mah geus saribuk maraen hape da geus dibekelan hape masing-masing ayeuna mah. Baheula mah, urang baroraah boga hape nepi ka kelas 6 SD ge, diizinan ge hanteu.


Meureunan pasti bakal aya nu ngomong kolot ayeuna mah, atuh da meh gaul anak urang mah, da hape ge bisa jadi hal nu positif, meh teu ngariweuhkeun ka kolot. Aeh! Urang sorangan sok heran, kahade we da dibere hape teh enya bisa manfaat jang budak, tapi kudu ku urang diawasi atau dibimbing, da hape mah lain saukur akses jang permainan hungkul! Akses jang kolot saperti nelpon, smsan, komo deui internet kudu dibatas. Moral budak teh urang nu tanggung jawab, budak teh didikeuneun urang.



Oke lah ayeuna mah teu nanaon da zaman geus moal bisa dihindari, tapi inget! Urang teh lahir di mana ayeuna? Di tanah pasundan. Budaya urang kamana nu baheula aya? Ayana zaman modern teh lain kudu ninggalkeun kabiasaan urang, justru eta teh nu kudu ditepikeun ka anak incu urang. Kunaon? Apan, ngke teh eta nu bakal jadi identitas atau ciri-ciri yen urang teh asalna di tanah pasundan. Nah, eta bakal nilai jual kan?. Terus kumaha cara mertahankeun budaya sangkan teu kalindih ku budaya barat nu datang ka negeri urang? Solusi ti urang mah gampang “Act Locally, Think Globally” nu artina kalakuan jeung gaya urang mah pertahankeun we jiga urang sunda kumaha, tapi mun dina mikir tah karek kudu luas ulah di sunda hungkul. Belajar bahasa Inggris bae? Bae, asal ulah nepi ka ngapohokeun budaya urang sorangan, malahan mah coba kenalkeun ka seluruh dunia.


Pelajaran gede nu bisa dicokot dina kajadian ieu nyaeta, urang kudu ngilu perkembangan zaman, tapi lain artina urang kudu mohokeun budaya urang sorangan jeung deuih kudu oge kudu diawasi barudak urang sangkan mental jeung moral teu rusak gara-gara kamajuan zaman ieu. Da lamun teu dimulai ti urang rek tis aha deui?


"buyut nu dititipkeun ka puun, nagara satelung puluh telu, buyut teu meunang dirobah"

~Pikukuh Baduy

No comments:

Post a Comment

Pages